Hiji murid nu kawentar bangor di kelas fisika nanya ka guruna
Hiji pemuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek. Keur kitu,
motorna ujug-ujug direm ngadadak bisi nabrak hiji pemuda nu keur mabok
di tengah jalan.
Heuheu... jadi inget nalika kuring ngasistenan praktikum di kampus.
Sakumaha biasa ari prek praktikum teh sok aya kuis heula, kabeneran
kuring nu nyieun soalna.
Dua murid, Ade jeung Aa keur milu piknik ka museum. Manggihan mumi di hiji kaca. Handapeunana aya tulisan 225M.
Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
Adun: "Pagawean naon anu dilaknat ku Allah?"
Di hiji kelas, bu guru anyar keur ngabsen murid-muridna. Bu guru
katarik ku hiji ngaran, panasaran, nya dicalukan di murid nu boga
ngaran aneh eta.
Sarua ieu oge di hiji kelas, guru anyar nyalukan hiji murid anu ngaranna "Dojang"
Hiji pamuda ker anteng ngadingdiut dina motor sapanjang jalan lempeng
sisi sawah, ngadadak pasarandog jeung jeung kandaraan sejen. Kusabab
rada malaweung, atuh motorna ngalanggeong, teu lila brus tigebrus kana
sawah. Motorna tilelep dina leutak sawah anu karek beunang macul nepi
kana lebah cangkeng manehna.
Dina rangka pupujieun, Adun jeung babaturanana milu pelatihan teuing di
ITB. Caritana hiji sobat Adun meuli gantungan konci nu make Logo ITB,
terus pamer ka Adun
Lantaran panasaran ka pilem Buruan Cium Gue anu keur heboh lantaran
adeganana matak ajol ajolan jajantung, si aki jeung si nini malem
minggu kamari indit ka bioskop twentiwan nek lalajo. Dijero bioskop si
aki teu ngiceup ngiceup ningali adegan anu keur silih lamot biwir, ari
si nini mah jongjong we ngabeuweung borondong garing anu ditempat eta
katelahna pop corn tea.
Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun
setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho
nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai
enteh ku bebenena, manehna ngaharewos.
Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay
kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji
terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan
hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih
dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek
asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran
lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup,
tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok
nanya.
Di salah sahiji kios dompet, saurang pamuda anu leungeuna pinuh ku tato keur anteng cinekul milihan dompet.
Wanci tengah peuting aya sapasang mojang jeung jajaka keur bobogohan ,naek motor ngebut pisan.
Aslam keur ngalamun bari nangkeup tuur paromana siga nu bingung, keur
kitu kadenge aya toke disada. Belenyeh manehna seuri kawas nu atoh.
Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa ditanyakeun ka emana.
Hiji mangsa Adun bebeja kabaladna anu katelah Sobri, mun tas maca buku 4S ( Sura Seuri Siga Sero) sok nyeri kulit beuteung.
Keur anteng ngagebér motorna, Odoy ngareret kana spion ari breh teh
ditukangeun aya saurang pulisi keur ngudag manehna. Najan haben
dikalaksonan, Odoy jongjong ngagas motorna, teu malire da ceuk
pamikirna teu rumasa ngalanggar. Dasar motor nu ditumpakan Odoy
kaluaran taun heubeul, diuber ku motor king taun panganyarna, atuh ngan
sasiet oge kaberik. Kapaksa Odoy eureun, dina hatena gogolono, pasti
cenah urusan jeung pulisi mah ujung ujungna duit. Mangkaning dina
dompetna ngan ukur dua puluh dua puluhna, eta ge meunang nyanyapa tina
handapeun kasur basa samemeh indit.
Ai tomboy, kitu katelahna, hiji wanoja anu sapopoena sok make pakean
lalaki sarta mun incah incahan sok naek motor. Hiji mangsa si Ai geus
saged dina motorna, make jaket kulit tur make helem anu biasa dipake ku
lalaki, saliwatan mah bleg we lalaki. Biur incah teuing kamana.
Yoyo, Kurdi jeung Adun keur uplek ngobrol, nyaritakeun pelemna lamun ngagere ceuli ku bulu hayam.
Odoy : "Geuning mahal mahal teuing harga lauk teh."
Tukang lauk : "Pan lain sambarangan lauk, ieu lauk laohan anu awakna
aya aksaraan, hurup hiragana lamun dihijikeun jeung lauk jalu sok
dibeberik.
Waktu asup ka kamar mandi anu ngahiji jeung sumur, siaki walahwah weuleuhweuh ngageroan sinin.
Tukang jeruk : "Jeruk jareruk..jareruuuuuk, mangga nu bade.... jeruk
Garut asli asak tina tangkalna sanes asak karbitan, dijamin keueut!"
Tukang Tahu : "Tahu..tarahu..tarahuuuuuuu, mangga nu bade...tahu Sumedang asli, curintik,karek nyat..dijamin pelem!"
Pa, Wahyu ngaguruan di salahsahiji sakola anu kawilang elite, murid
muridna ampir kabeh ka sakolana marawa hp, atuh puguh we samemeh diajar
sora hape meni recet disarada. Jam pelajaran kahiji, pa' Wahyu kabagean
ngajar dikelas anu murid muridna rada barengal, ti rohangan guru
gandeang pa' Wahyu nuju karohangan kelas,ningali ringkang ringkang guru
datang, murid murid dijero kelas ngadadak jempe kawas gaang katincak.
Tante Genjréng dikomplekna katelah ratu gosip, unggal poe teu eureun
ngomongkeun batur, tapi saprak bulan puasa kabiasaan eta mimiti
ngurangan, lantaran lamun nek ngagosip cenah sok inget kapiwurukna
ustad Jali, ulah sok ngomongkeun batur, pamali cenah jeung deui bakal
ruksak pahala puasana.
"Lamun seug bobogohan kawas keur bulan puasa, meureun moal olok lipen
stip !" ceuk Oneng ngagereneng ka Onih basa balik tarawehan.
Poe Salasa wanci jam dalapan peuting di jalan Benjamin Sueb, loba jalma
ngagimbung ditrotoar jalan, sugan teh para slankers aya nu ribut, da
dijero pameran harita teh keur manggung grup musik slengehan nyaeta
Slank. Ari barang breh sihoreng anu keur diriung teh hiji tanggungan
kerak telor ringsek lantaran digadil ku taksi langsung kabur, padahal
jalan teh sakitu upluk aplakna naha bet surudak suruduk kagigir, slebor
!