Bari nyingsatkeun sampingna sinini gura giru muru ka imah pa RT, nek laporan yen sinini peuting tas kapalingan.
"Ni...ya naon nu kapalingan teh ?" tanya pa RT ka sinini.
"Mang soto hiji...campur..!" saur om Teddy ka tukang soto.
"Mangga den..!" waler tukang soto gura giru ngaladangan, sor
diasongkeun ka si om Teddy,habeg dihimel semu nu nikmat pisan, ngan
waktu nek ngahuapkeun soto panungtung, om Teddy ujug ujug bunceulik
molotot kana mangkok,terus ngagorowok ka tukang soto.
Si Oded karek umur tilu taun sarena masih ngagulung jeung indungna,hiji mangsa manehna nanya ka indungna.
Ceuk batur mah rupa uing teh goreng patut, uing seuri da memangna enya
pisan. Najan kitu ari ningali wanoja nu amucuy mah sok ngadadak ngaruy.
Pajarkeun teh lahuta,teu nalipak maneh,hayang kanu geulis,kitu meureun
ting kecewisna batur basa uing kaperegok ngiringkeun mojang mencrang
urang Ciherang. Dasar sirik ! Heueuh mun dipikir pikir mah boro boro
batur dalah uing ge ngarasa heran,naha neng Novie anu sakitu amucuyna
bet daekeun ka uing ?
Si Astahiam rada balaga lantaran ayeuna bogaeun HP, lain Hayam Pelung
anu sok kongkorongok "putri diuk" wanci janari leutik atawa Hileud
Peuteuy anu sok gegerepekan di jero pesak, tapi alat komukasi nu
katelahna hand phone tea.
Saprak boga alat eta kabogoh Astahiam sok ngarasa iri, lantaran leuwih
satia ka si hape tibatan kamanehna, coba we ari si hape mah sok dibawa
kamana mendi, nek jalan jalan ngilu, nek apel diajak, ka toilet ngilu,
ari kabogohna can pernah diajak sakali kali acan bareng ka toilet.
Hayam bikang balik isuk keketok ngabejaan baturna:
"Ketok ket... ket ketok... yeuh kuring mawa duit sagepok, bati dilolowok, ku duda koplok...naha geuning kalahka colohok ?"
Si nini olohok mata simeuteun basa ningali siaki ngadadak jadi gagah
tur gandang, make calana jin belel lebah tuurna ngahaja cena ewol
ewolan, kaluhurna make kaos oblong anu aya tulisan,
"Urang sunda ulah heuay wae EUY!" hadiah agustusan ti cep Kendi anu
gaduh kios di jalan Suci. Sirahna dibengker ku slayer warna bodas polet
beureum, make kacamata cengdem meunang meuli ti padagang asongan anu
mangkal di terminal Cicaheum.
Titungtung lembur keneh barudak ngagimbung ngabring ngabring nu anyar
datang, biasana nu sok di abring abring ku barudak teh mun aya tukang
topeng monyet datang,sihoreng nu datang teh geuning rombongan "tok tok
wow" anu di kokojoan ku selebritis Kusnet nu katelah kang Taopik H.
Savalas.
"Teu karasa geuning nagara urang teh geus 58 taun merdeka, mun ningali
dina umurna mah geus meujeuhna metik hasilna tina kamerdekaan eta. Tapi
anu ngabukti ayeuna, tetep we kueh kamerdekaan teh di carapluk ku nu
jaregud, ra' yat leutik mah angger we jumerit !" mang Suharma
murukusunu.
"Neng Dea, wilujeng ulang taun..." ceuk bapana Dea bari ngesun jeungmasihan kado.
Di BSM aya bioskop. nu narongton teh ka eta bioskop teu meunang make
sendal, sapatu, malah baju oge teu kaci, kitu deui calana. Basa ditanya
ka satpam nu ngajega di deukeut loket, manehna nyarita
Ibro jeung Uhe balik nongton film kungfu. "Paingan atuh Cina teh kaasup
nagara nu tinggaleun di banding Amrik."Nya, da nagara komunis mah,
pasti kitu...lila rek maju teh."
"Kang Ibro, ceuk cenah, sanajan geus diterapkeun aturan kudu make
Jilbab, di hiji kantor pemda tasik, nu dikerudung/jilbab ngan duaan."
Ua Sas: "Cik, ari lemesna leungeun naon?"
kang Hendri : "Pananganan"
Di hiji kampus cap gagak, rengse diayakeun rapat antar dosen unggal
jurusan. panitia bingung milih saha nu rek nutup acara ku maca du'a.
Akhirna salah saurang panitia kahareup, rek mingpin acara ngadu'a.
Cep Jon Towor katelah rada jarang mandi. Hiji mangsa nu jadi lanceukna mamatahan.
Hiji pameget sumping ka rumah sakit, hoyong ngalandongan soanten
garwana nu peura malah dugi ka teu aya pisan. tapi salah lebet, kedahna
ka dokter THT ieu kalah ka psikiater.
POÉ geus reup-reupan. Reketek Mang Linta mageuhan beulitan sarung dina
cangkéngna. Awakna ngan dibungkus kaos oblong doang. Ka handapna calana
komprang. Manéhna geus siap-siap rék muru ranggon pangancoanana di
tengah kali. Sanggeus sagalana bérés mah léos mangkat bari ngajingjing
korang.
Cai laut anu mimiti pasang mimiti ngarayap ka girang. Di beulah kulon
layung kari sadalis. Geuleuyeung, Mang Linta nyorongkeun sampanna ka
tengah kali, diwelah lalaunan. Teu lila ge nepi ka handapeun ranggon.
Sabot nalikeun sampanna kana tihang ranggon parantina, layung tilem dina poékna peuting.
- Jalma nu sok ngadahar sendal capit atawa sapatu
- Ngarorek Ceuli ku linggis
- Ombeh ku cai ngagolak
"Do you understand?",ceuk ibu guru basa inggris SMU, ngora keneh, geulis deuih.
"Hujaan! hujaan!...jaitan popoean...!" Kang Opix ngagorowok ka kang
Syam Ridwan ku keur uplek maen gapleh jeung balad2na, si Barud, si
Jalak, si Sir, Si Rah. Si barud, si jalak, Si Sir, Si Rah, gura-giru
kaluar imah, rek nyaitan popoean.
"Pang malikeun MAGRIB"
"BIRGAM"
Cik...rek kumaha lamun baraya jadi ASEP terus EUIS bebene ASEP anu rada
mahiwal nyarita jiga kieu :
Opat poe katukang kang Panzi gura-giru kadokter cenah teu raraos body.
Sabada dipariksa, dokter nyimpulkeun yen kang Panzi teh loba teuing
sosonoan jeung pamajikanana tur euweuh watesanana. Si dokter nyarankeun
leuwih alus mun nek sosonoan kudu make jadwal nu matuh, saminggu cukup
tilu kali
Dihiji tempat angker tim "gerayangan" keur ngadeteksi arwah nu
ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu
katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan
ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah
Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.
Wanci geus nunjukeun jam salapan peuting, bi Ijah gura giru balik
lantaran mun kapeutingan susah angkutan umum. Mun seug lain tatanggana
nu kacilakaan,hoream cenah besuk karumah sakit peuting peuting. Geus
satengah jam nagen disisi jalan can hiji hiji acan angkot ngaliwat,
hatena tambah tagiwur lantaran hujan ngadadak ngagebret gede pisan,
kapaksa bi Ijah nyalingker ngiuhan dihandapeun tangkal asem. Untungna
hujan teh lila lila ngorotan, Teu kungsi lila, duka timana jebulna ujug
ujug aya motor dihareupeun, nu numpakna langsung nawarkeun jasa .
Euis Dohoy jeung Asep Jebrag geus lima taun bobogohan, unggal ulin ka
imah akina dua duana sok dibere wejangan. Dasar ceuli si Asep mah lower
asup tikatuhu kaluar ti ceuli kenca, kitu deui papatah akina euweuh
tapak tapakna acan. Hiji mangsa kacaritakeun Euis Dohoy jeung Asep
Jebrag keur diuk paduduaan dina samak salambar bari lalajo sing
suruwukna cai laut pantai Pananjung wanci balebat.
Di Bunderan HI Jumad keur unjuk rasa bari ngacung ngacung sapanduk.
Dina sapandukna aya tulisan daptar ngaran politisi busuk, keur kitu
kareret ku saurang politisi anu keur naek bus way,pudigdig manehna siga
nu ambek terus menta eureun persis di hareupeun si Jumad, tapi teu
digugu lantaran dilebah dinya euweuh halte. Kapaksa manehna turun di
halte anu jauh tidinya, bari haruhah harehoh pok ngomong satengah
ngagorowok.
Aya Aki-aki tukang dagang tarasi, balik ka Cirebon naek Beus tas dagang di Bandung.