|
|
Lantaran panasaran ka pilem Buruan Cium Gue anu keur heboh lantaran
adeganana matak ajol ajolan jajantung, si aki jeung si nini malem
minggu kamari indit ka bioskop twentiwan nek lalajo. Dijero bioskop si
aki teu ngiceup ngiceup ningali adegan anu keur silih lamot biwir, ari
si nini mah jongjong we ngabeuweung borondong garing anu ditempat eta
katelahna pop corn tea.
Balik lalajo si aki alewoh nyaritakeun deui adegan anu kungsi ditingali dina pilem eta. "Nini asa kaingetan euy, pan salila urang bobogohan tug nepikeun
kasakieu kolotna asana can ngasaan nu ngarana silih lamot biwir teh !"
ceuk si aki mimiti kapangaruhan ku adegan pilem. "Enya euy aki...kumaha mun urang nyalingker heula kanu poek !" tembal
si nini satengah ngajalanan. Atuh teu diengkekeun deui dua duana terus
nyalingker kanu poek. Dinu poek nu kadenge teh ngan ukur sora si nini
semu ngaharoshos. "Buruan cium dewek !" Tilu jam tilu puluh menit tilu puluh detik, si aki jeung si nini kakara ting kulunu tinu poek, pok si aki nanya ka si nini. "Nini....kumaha rasana euy ?" "Ueudaannnn meennnn !" tembal si nini nurutan iklan energy drink. "Niniii...ke..ke....rarasaan teh aya nu melag dina tikoro ?" ceuk si aki semu reuwas bari ngarancetan tikorona. "Puguh nini ge keur reuwas ieu teh... huntu palsu nini luncat kamana nya?"
| Title | Author | Views |
| Kunti Jeung Tukang Sado |
Fery |
4,520 |
| Dongeng Jurig |
e-ketawa |
4,260 |
| Lilin dina Geulas |
e-ketawa |
3,717 |
| Budak jeung Emana |
e-ketawa |
3,540 |
| Maling Hayam Jeung Panganten |
Muhammad Tsabit |
3,452 |
| Paku Dibungkus |
e-ketawa |
3,410 |
| Kudu Aya S-an |
e-ketawa |
3,314 |
| Mabok di Tengah Jalan |
e-ketawa |
3,074 |
| Pagawean Laknat |
e-ketawa |
2,854 |
| Disangka Bom |
e-ketawa |
2,661 |
| 22M Eta Maksudna Naonnya |
e-ketawa |
2,562 |
| Ditilang Bapa Polisi |
Yudi Suryadinata |
2,493 |
| Hape di Kelas |
e-ketawa |
2,485 |
| Basa Lemesna |
e-ketawa |
2,307 |
| Ceuk Hayam |
e-ketawa |
2,304 |
|
|
|
|
|
|
|