Hiji pamuda ker anteng ngadingdiut dina motor sapanjang jalan lempeng
sisi sawah, ngadadak pasarandog jeung jeung kandaraan sejen. Kusabab
rada malaweung, atuh motorna ngalanggeong, teu lila brus tigebrus kana
sawah. Motorna tilelep dina leutak sawah anu karek beunang macul nepi
kana lebah cangkeng manehna.
Si Pamuda luak-lieuk teu manggihan sasaha. Arek ngarawel tatangkalan
sisi sawah keur pamuntangan jeung panyentokan, boro-boro tatangkalan,
jukut peang oge teu satangkal-satangkal acan. Gogorowokan ka ditu ka
dieu menta tulung, weleh taya anu nembalan da puguh tengah jalan
hara-haraeun, jauh ka pilemburan (sanes filemburan ieu mah, komo film
buruan... mah). Kusabab geus burit jeung kudu buru-buru tepi ka nu
dijugjug, manehna terus neangan akal supaya bisa nguniang ti sawah.
Sukur-sukur jeung motorna, dina heunteuna oge atuh awak sakujur mah
kudu buru-buru kaluar tina leutak anu sakitu belokna.
Kulantaran teu weleh neangan akal jeung ngentrukeun sagala rupa
pangaweruh anu kungsi kabaca atawa katarima, nya manehna inget kana
hiji papagon ("resep") nyait balai sorangan, khususna kajadian (kasus)
tilelep dina taneuh belok. Prak bae dicobaan, kieu carana teh:
"Motor didempet ku dua pingping pageuh kacida, awak diheuraskeun, tuluy
bae gegerenyeman ngadu'a jeung nguatkeun tekad. Teu katinggaleun
koncina eta papagon: leungeun luhureun sirah, bari ramo ngajenggut buuk
ditarik ka beulah luhur".
Nya ku tekad anu kuat mah teu kaur molonyon oge, awak manehna katut
motorna katarik, bisa kaangkat tina leutak. Teu percanten nya, baraya?
namina oge rahul. Kade ulah dicobian "resep"-na.