Ai tomboy, kitu katelahna, hiji wanoja anu sapopoena sok make pakean
lalaki sarta mun incah incahan sok naek motor. Hiji mangsa si Ai geus
saged dina motorna, make jaket kulit tur make helem anu biasa dipake ku
lalaki, saliwatan mah bleg we lalaki. Biur incah teuing kamana.
Teu kungsi lila sulusup ka hiji gedong anu dihareupna dijagaan ku
saurang panjaga anu dilengkepan ku pentungan jeung metal detektor. Geus
umum, saprak loba bom anu ngabeledug ditempat umum, tiap tiap gedong
jeung perkantoran sok dijaga super ketat tur dipariksa taliti pisan.
Kitu deui si Ai, harita keur dipariksa ku patugas make metal detektor,
imet tiluhur nepi kahandap persis kawas dokter keur mariksa pasena.
Waktu metal detektorna nempel dina harigu si Ai, pok si patugas teh
ngomong.
"Ieu mawa naon genyal dua siki, boa boa bahan bom ?" ceuk patugas
teugeug, panyanana nu keur dipariksa teh lalaki. Dikitukeun ku patugas,
nyel si Ai ambek, terus mukakeun kaca helem pok ngomong semu nyentak.
"Bahan bom tai pedut, yeuh teu percaya mah !"
"Tos..tos cekap..cekap, teu kedah dikaluarkeun tos terang..tos terang!"
Patugas reuwas,karek sidik sihoreng nu keur disanghareupanana teh awewe. (SR)