Gudang Lagu
(by: e-ketawa)

Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai enteh ku bebenena, manehna ngaharewos.

"Yang....kade hilap setrukna !" padahal cai enteh anu disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur dina hawu.
Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung anu nek mayar kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu dibotolan tea, keur ngagimbung kitu, aya salah saurang jalma nu teu sabar hayang geura meunang setrukna, tur langsung ngagorowok kakasir.

"Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !" Pokna rada teugeug
"Sabar atuh kang !" tembal kasir bari baeud.
Sanggeus meunang setruk mah sijalma teh, langsung we ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan.

"Kang ieu katuanganana diculkeun wae !"
"Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !"
"Jadi ujang teh butuh setruk kitu ?" ceuk hiji jalma tengah tuwuh,anu kakara asup tur leungeunna semu ngoroncod sarta mamake iteuk.
"Eh..muhun pa...abdi butuh pisan...naha bapa kagungan kitu ?"

"Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga upami peryogi mah ku bapa bade dipasihan... bapa mah tos bosen ngubaran !" (SR)





Article Directory: http://www.sumbercerita.com


Cerita-cerita Lainnya dari Kategori - HOME --> Cerita Humor --> Bobodoran Sunda
TitleAuthorViews
Kunti Jeung Tukang Sado Fery 4,520
Dongeng Jurig e-ketawa 4,260
Lilin dina Geulas e-ketawa 3,717
Budak jeung Emana e-ketawa 3,540
Maling Hayam Jeung Panganten Muhammad Tsabit 3,452
Paku Dibungkus e-ketawa 3,409
Kudu Aya S-an e-ketawa 3,313
Mabok di Tengah Jalan e-ketawa 3,074
Pagawean Laknat e-ketawa 2,853
Disangka Bom e-ketawa 2,661
22M Eta Maksudna Naonnya e-ketawa 2,562
Ditilang Bapa Polisi Yudi Suryadinata 2,493
Hape di Kelas e-ketawa 2,484
Basa Lemesna e-ketawa 2,307
Ceuk Hayam e-ketawa 2,304

 

atom feed entries rss feed entries Valid XHTML 1.0 Transitional
Copyright © 2008 sumbercerita.com - Kumpulan Cerita Terpopuler
Dengan beraktivitas di website kami berarti anda setuju dengan Kebijaksanaan Privasi serta Syarat Persetujuan
eXTReMe Tracker