|
|
"Lamun seug bobogohan kawas keur bulan puasa, meureun moal olok lipen
stip !" ceuk Oneng ngagereneng ka Onih basa balik tarawehan.
"Naha kitu ?" tanya Onih semu nu heran "Sasarina mah samemeh bulan puasa, karek saminggu ge geus beak
salosina,tapi ayeuna hiji ge aya keneh sapotong deui, da eta kang Odoy Surodoy mah meni euweuh kabosen ngapelan teh meni unggal poe, bakating ku cinta meureun ka uing!" "Naon hubungan apel jeung lipen stip ?" tanya Onih bari kerung "Hih..ari maneh kawas teu karasa wae, teuing atuh da kang Odoy mah teu kaop ningali biwir urahak sok langsung we nyosor !" "Tomi ngak gituh !" Onih nimpalan nurutan iklan, da kaparengan deuih kabogohna ge ngarana Tomi. "Nya meureun kabogoh maneh mah kurang romantis !" "Ceuk saha euy...puguh pang romantisna sadunya..tuh tingali diburuan
imah uing kembang ngabugbrug, eta teh kiriman kang Tomi bisi teu nyaho
mah !" Onih ngadadak kuraeud baeud "Ari ayeuna keur bulan puasa masih keneh sok susar sosor kitu ?" sambungna deui "Ih..puguh geus dibejakeun, ari bulan puasa mah teu pati teuing, jadi lipen stipna oge awet !" "Ari eta geuning make meuli dua losin sagala, jeung saha ?" "Puguh sasayagian jang engke tas lebaran !" (SR)
| Title | Author | Views |
| Kunti Jeung Tukang Sado |
Fery |
4,520 |
| Dongeng Jurig |
e-ketawa |
4,260 |
| Lilin dina Geulas |
e-ketawa |
3,717 |
| Budak jeung Emana |
e-ketawa |
3,540 |
| Maling Hayam Jeung Panganten |
Muhammad Tsabit |
3,452 |
| Paku Dibungkus |
e-ketawa |
3,409 |
| Kudu Aya S-an |
e-ketawa |
3,314 |
| Mabok di Tengah Jalan |
e-ketawa |
3,074 |
| Pagawean Laknat |
e-ketawa |
2,853 |
| Disangka Bom |
e-ketawa |
2,661 |
| 22M Eta Maksudna Naonnya |
e-ketawa |
2,562 |
| Ditilang Bapa Polisi |
Yudi Suryadinata |
2,493 |
| Hape di Kelas |
e-ketawa |
2,485 |
| Basa Lemesna |
e-ketawa |
2,307 |
| Ceuk Hayam |
e-ketawa |
2,304 |
|
|
|
|
|
|
|