Gudang Lagu
(by: e-ketawa)

Aslam keur ngalamun bari nangkeup tuur paromana siga nu bingung, keur kitu kadenge aya toke disada. Belenyeh manehna seuri kawas nu atoh.

Toke : "Tokeeeeeee !"
Aslam : "Nyandung !"
Toke : "Tokeeeeee!" (kawas nu nembalan )
Aslam : "Ulah !"
Toke : "Tokeeeeee!"
Aslam : "Nyandung !" ( bari seuri )
Toke : "Tokeeeeee!"
Aslam : "Ulah!" ( semu baeud )

Sajongjongan toke teh teu disada deui, Aslam kekerot, kahayangna mah toke teh disada deui sakali,cukup sakali wae. Tapi ditungguan mangjam jam weleh teu disada. Beledag panto imah ditajong. Teu dinyana dibalik panto asa sora.

" Tokeeeeeee!"

Aslam atoh langsung nembalan " Nyan...nyan...!"
Can acan parat ngomong, nu dibalik panto norojol pok ngomong,

"Nyandung jeung saha siah !" ceuk pamajikanana bari ngajiwir ceuli Aslam.





Article Directory: http://www.sumbercerita.com


Cerita-cerita Lainnya dari Kategori - HOME --> Cerita Humor --> Bobodoran Sunda
TitleAuthorViews
Kunti Jeung Tukang Sado Fery 4,521
Dongeng Jurig e-ketawa 4,260
Lilin dina Geulas e-ketawa 3,719
Budak jeung Emana e-ketawa 3,541
Maling Hayam Jeung Panganten Muhammad Tsabit 3,452
Paku Dibungkus e-ketawa 3,411
Kudu Aya S-an e-ketawa 3,314
Mabok di Tengah Jalan e-ketawa 3,075
Pagawean Laknat e-ketawa 2,854
Disangka Bom e-ketawa 2,662
22M Eta Maksudna Naonnya e-ketawa 2,563
Ditilang Bapa Polisi Yudi Suryadinata 2,493
Hape di Kelas e-ketawa 2,485
Basa Lemesna e-ketawa 2,307
Ceuk Hayam e-ketawa 2,304

 

atom feed entries rss feed entries Valid XHTML 1.0 Transitional
Copyright © 2008 sumbercerita.com - Kumpulan Cerita Terpopuler
Dengan beraktivitas di website kami berarti anda setuju dengan Kebijaksanaan Privasi serta Syarat Persetujuan
eXTReMe Tracker