|
|
Poe Salasa wanci jam dalapan peuting di jalan Benjamin Sueb, loba jalma
ngagimbung ditrotoar jalan, sugan teh para slankers aya nu ribut, da
dijero pameran harita teh keur manggung grup musik slengehan nyaeta
Slank. Ari barang breh sihoreng anu keur diriung teh hiji tanggungan
kerak telor ringsek lantaran digadil ku taksi langsung kabur, padahal
jalan teh sakitu upluk aplakna naha bet surudak suruduk kagigir, slebor
!
Digigireun tanggungan anu ringsek katingali keler wadah goreng bawang
jeung surundeng ngajongkeng bari jeung kaayaanana peupeus, lampu tempel
paragi nyaangan dagangan ngajengjehe,hawuna anu pinuh ku areng panas
oge paburantak, sumawona ari endog mah tong boro digadil ku barang
teuas dalah katoel ge kadang sok pre weh peupeus, cangkang jeung eusina
ngampar kana jalan aspal. Alhamdulillah ari nu jualana mah teu bocel
bocel acan sarua jeung nasib jojodogna anu salamet teu ngilu kagadil. Mangkukna diwewengkon eta keneh, basa kuring keur nungguan kerak telor
asak, bari ngageber parukuyan gede minangka hawuna, siamang ngomong yen
manehna cenah asalna ti Bayongbong Garut, malah nu ngaderet gigireunana
ge cenah masih keneh baturna tambahna deui bari terus nyamaraan kerak
telor anu sakeudeung deui asak. Salian ti urang Batawi geuning aya
baraya urang nu jualan kerak telor teh, padahal kadaharan eta ciri
hasna betawi punya. Sajeroning mencrong tanggungan anu ringsek hate mah ngagerentes boa boa
baraya urang anu meunang musibah teh,dina hate mah kumejot hayang
nanya, mun enya teh deudeuh teuing baraya urang jauh jauh nyaba ka
Jakarta bet meunang musibah, dilemburna mah meureun geus diwawaas wae
ku kulawargana, bapa sakeudeung deui bakal datang bari rebo kukasono
riba ku babawaan, mawa buku anyar jeung sicikal hadiah naek kelas, mawa
boneka jeung sibungsu anu karek alewoh bisa ngomong. Tapi nyatana
geuning boro boro mawa nukitu ngubaran kareuwas ge sigana masih keneh
can parat. Bener ceuk batur ibukota teh leuwih kejem alahbatan ibutiri, buktina
loba kasus nu kawas diluhur, lamun nabrak leuwih hade kabur daripada
malire, da pamikirna lamun malire tarohanana nyawa, awak digebugan
kandaraan dibeuleum, kadang sok dibeuleum jeung jalma jalmana. Duh nya
hukum teh aya dimana atuh ? maenya hukum jalanan anu berlaku.
| Title | Author | Views |
| Kunti Jeung Tukang Sado |
Fery |
4,520 |
| Dongeng Jurig |
e-ketawa |
4,260 |
| Lilin dina Geulas |
e-ketawa |
3,717 |
| Budak jeung Emana |
e-ketawa |
3,540 |
| Maling Hayam Jeung Panganten |
Muhammad Tsabit |
3,452 |
| Paku Dibungkus |
e-ketawa |
3,409 |
| Kudu Aya S-an |
e-ketawa |
3,313 |
| Mabok di Tengah Jalan |
e-ketawa |
3,074 |
| Pagawean Laknat |
e-ketawa |
2,853 |
| Disangka Bom |
e-ketawa |
2,660 |
| 22M Eta Maksudna Naonnya |
e-ketawa |
2,562 |
| Ditilang Bapa Polisi |
Yudi Suryadinata |
2,493 |
| Hape di Kelas |
e-ketawa |
2,484 |
| Basa Lemesna |
e-ketawa |
2,307 |
| Ceuk Hayam |
e-ketawa |
2,304 |
|
|
|
|
|
|
|