|
|
Di salah sahiji kios dompet, saurang pamuda anu leungeuna pinuh ku tato keur anteng cinekul milihan dompet.
" Mangga kang...ieu kaluaran enggal asli tina kulit dinosaurus, tah pami nu ieu tina kulit godzila !" ceuk tukang dompet. " Aya model sejen ?" " Sadayana ge sami kang...model anti copet..ngan nu benten teh rantena
panginten...aya nu saageung rante anjing, tah upami hoyong saageung
rante kapal kedah pesen heula !" " Jadi sia nu ngabangkrutkeun pakasaban aing teh !" ceuk eta pamuda ujug ujug nyeuneu. " Maksad akang ?" " Paingan kabeh jalma, make dompet anti copet da tisialing nya ?" " Sae atuh kang, meh aman !" " Sae sae tai pedut...buktina panghasilan dewek ngurangan !" " Jadi akang ge tukang dompet oge kitu ?" "Lain !" " Naha geuning bet nyalahkeun ka abdi, nya pakasaban akang teh naon kitu ?" " Mun teu nyaho mah dewek teh raja copet..deuleu !"
| Title | Author | Views |
| Kunti Jeung Tukang Sado |
Fery |
4,520 |
| Dongeng Jurig |
e-ketawa |
4,260 |
| Lilin dina Geulas |
e-ketawa |
3,717 |
| Budak jeung Emana |
e-ketawa |
3,540 |
| Maling Hayam Jeung Panganten |
Muhammad Tsabit |
3,452 |
| Paku Dibungkus |
e-ketawa |
3,409 |
| Kudu Aya S-an |
e-ketawa |
3,313 |
| Mabok di Tengah Jalan |
e-ketawa |
3,074 |
| Pagawean Laknat |
e-ketawa |
2,853 |
| Disangka Bom |
e-ketawa |
2,660 |
| 22M Eta Maksudna Naonnya |
e-ketawa |
2,562 |
| Ditilang Bapa Polisi |
Yudi Suryadinata |
2,493 |
| Hape di Kelas |
e-ketawa |
2,484 |
| Basa Lemesna |
e-ketawa |
2,307 |
| Ceuk Hayam |
e-ketawa |
2,304 |
|
|
|
|
|
|
|